
Aya hiji ungkapan, saurna : apalah artinya sebuah nama. Salangkung memang leres, apalah artinya sebuah nama. Nanging dunya bakal hambar saupami di dunya teu aya nami. Sesah ngabentenkeun saha si anu saha si eta, naon ieu naon eta, sste. Sanaos dina kanyataan bangsa manusa dina jumlah seueur, saupami sangaran mungkin teu benten ti koloni sireum. Alhamdulillah bangsa manusa dipaparin akal, ku ayana kamampuan maparin nami kana naon bae, dunya janten hirup tur rame. Nanging tetep teu tiasa dipungkir, diatas nama ada sebuah nama, Anu Maha Agung.
Fakta ngabuktoskeun, ti jaman bihari sadaya jalmi diwaris nami ku anu janten sepuhna atanapi ku lingkungannana. Ti kawit masyarakat purba anu sarwa samporet, dugi ka masyarakat modern, pasti masing-masing gaduh nami. Nami, hiji kecap kangge ngabentenkeun anu hiji ti anu hijina deui. Dina Oxford Learner’s Pocket Dictionary kaunggel : name = word(s) by which a person, place, thing, etc is known.
Biasana para sepuh ngawaris nami kalayan harepan-harepan sae tur positip kangge kamaslahatan hirup kahirupan para putra kalih rudayannana.
Hiji nami gumelar mungkin bae raket kaitannana sareng hiji peristiwa, kaayaan lingkungan, kalung-guhan, status, kaayaan fisik, sste, nami janten kareueus anu gaduh nami. Saupami saurang ngaraos kahina namina, sering timbul pagedrug malih dugi ka timbul peperangan. Saurang kalintang mertahankeun harga dirina, harga diri raket kaitannana sareng nami diri. Nanging mertahankeun harga diri henteu salamina kedah dina bentuk peperangan. Saurang anu henteu daya mungkin mertahankeun nami sae dirina dina wujud pasif, ngalawan ukur dina manahna. Malih saurna rahayat Sunda ngalawan ku seuri (Uga Siliwangi). Sawalerna saurang anu responsip tur wantun, ngajagi nami dirina ku cara anu langkung ti sakadar ngalawan ku seuri. Kangge rahayat anu berbudaya, hiji alat kangge mertahankeun nami sae dirina nyaeta etika sareng tatakrama. Etika sareng tatakrama cara kangge ngajagi perasaan, kahormatan, harga diri, oge status saurang.
Kapungkur, para sepuh henteu sambarangan maparin nami ka para putrana. Saluyu sareng jaman-na, nami-nami kedah dietang dumasar kana perhetangan naptu, patokan anu parantos baku. Upami ninggang di sae atanapi jaya, eta nu diangge. Dipercanten hiji nami gaduh watek anu mandiri. Watek sae diharepkeun maparin piluang sae ka anu diwaris nami. Kangge anu gaduh nami janten spirit enggoning ngambah hirup kahirupan, nyandang amanat tina makna nami warisan para sepuhna.
Minangki conto : Dekade 20an di Kp. Cikalang Tasikmalaya, aya hiji keluarga puputra tujuh urang.
1. Purwa
2. Enci
3. Ipol
4. Muhtar
5. Sapti
6. Murningsih
7. Karsih Juwarsih
Tujuh nami putra-putri eta nyatana ngandung hartos :
1. Purwa (wiwitan, cikal, mimiti, ngawitan)
2. Enci (wanci, waktu)
3. Ipol (polos, enol)
4. Muhtar (muhtasar, ihitisar, laporan ringkes)
5. Sapti (Saptu, dinten ka tujuh)
6. Murningsih (Murni, asli)
7. Karsih Juwarsih (asih, welas asihNa)
Hartos sagemblengna :
Wiwitan tina mangsa anu janten ibu-ramana henteu gaduh naon-naon, dugi kana kaayaan sapertos danget eta, mung ka kurung ku tujuh dinten anu henteu pegat-pegat, kalayan manah anu murni rumaos sareng ngangken anging nampi sareng ngajalankeun welas-asihna Pangeran (Syukuran).
Sakilas sapertos anu direkayasa, nanging nyatana memang eta jasana para sepuh ngareka nami-nami kangge putra-putrina, kalayan maksad mepelingan tur amanat ka anu nyandang nami. (Sumber Ibu Siti Munigar, Nik, 1970).
Tangtos seueur deui conto-conto sanesna kumaha para sepuh kapungkur ngarekayasa nami-nami wariskeuneun ka putra-putrina, sae nami kangge saurang atanapi kolompok sapertos conto di luhur.
Intina, para sepuh kapungkur ngawaris nami henteu asal raos kakupingna. Seueur pertimbangan sateuacan gumelar hiji nami anu dianggap ideal tur maparin maslahat.
Saur Kasnun (ka Sunda sim kuring anun) : Anumawi poma ulah pisan aya hina menghina. Kangge sawantara jalmi, nami diri kalintang dijagi. Buktosna para sepuh sering ngalandih nami ku neneh anu khas tur istimewa kangge nembongkeun kanyaah, saha bae tangtos reueus ku nenehna.
Kangge anu bingung milari pinamieun, di toko-toko buku sayogi buku-buku husus ngeunaan nami-nami endah sae bernapaskan Islami oge nami-nami Barat, sste. Hanjakal teu acan aya anu katarik ngoleksi nami-nami Sunda anu nyunda, endah, mangpaat, mundel, maslahat, saluyu sareng jaman. Boa-boa urang Sunda ayeuna langkung seneng ngangge nami-nami endah sok sanaos ngadopsi tina nami-nami sareng basa asing ?
“Biar suseh nyebutnye asal gaya” (eta mah saur ayi Hamdan, urang Depok tea).
“Oh … kang Kasnun. Kapan tiap jalmi gaduh hak bade kumaha bae !!!” (perhatoskeun 3 tanda seru).
Kumaha pentingna hiji nami, minangki ilustrasi dihandap tiasa ditengetan hal-hal sarupi kieu :
Patarosan munggaran anu diajengkeun ku para patugas, pangurus sareng pulisi : “Saha nami ?”.
Nami point utama dina tiap bio data. Dina hiji daftar anu ngamuat sajumlah nami, soca urang otomatis milari nami urang. Nami-nami diserat ku aksara endah dina tiap uleman. Unggal dinten sabaraha ratus nami diumumkeun dina kalawarata TV sareng mass media sanesna. Tiap buku pasti ngamuat jenengan pangarangna. Jenengan para wisudawan diumumkeun ku panitya, nami-nami anu nuju bahagia oge diumumkeun Naib nalika prosesi pertikahan. Nami-nami diserat dina Surat-Surat Dinas, dina Izasah, Diploma, Brevet, KTP, KK, ATM, Besluit, Surat Nikah, sste. Nami oge ngagantel sareng dikaput dina raksukan lebah dada, dina topi malih dina kaos oblong.
Para rumaja putra-putri minimal gaduh hiji nami idola sareng pujaan, anu kaimpen kabayang unggal waktos. Kadang-kadang nami janten kharisma dina widang Poleksosbud sareng Agama. Mercedes Benz, Honda, Suzuki sareng anu sanesna oge nami-nami jalmi anu sukses. Nami janten trade mark dina sagalarupi widang. Tuh kan, hanjakal urang Sunda ayeuna teu acan wantun nyantumkeun jenengannana kangge merk dagang. Misalna Kurupuk Renyah Barli (jenengan anu gaduh perusahaan).
Jaman Bung Karno (1935), saurang patani kumargi dianggap sukses ngabudidayakeun sajenis lauk lokal, jenengannana diabadikeun janten nami hiji species lauk, anjeunna Haji Mujahir urang Blitar. Ku letah Sunda janten Mujaer (Jaer). Raraosan, dugi ka ayeuna teu acan aya warga Sunda anu jenengannana diabadikeun sapertos Pa Jaer. Murangkalih urang kota, mungkin moal uninga kana lauk Jaer. Nanging upami ditaros ngeunaan Piranha, Khoi, Goldstrip, sareng lauk-lauk modern sanesna tangtos ngawaler kalayan lancar.
Jaman ayeuna parantos umum nami saurang ditambih ku gelar-gelar, sae gelar tina kapangkatan, tina pendidikan tinggi, tina kaagamaan, sste. Perpaduan nami sareng gelar mangrupi lambang status anu endah. Janten kareueus kangge anu gaduh nami, oge jalmi sanesna. Gelar hasil perjuangan, tangtos kedah dipihormat ku jalmi sanesna. Ngahargaan anu sanes hartosna ngajenan diri nyalira.
Dina kisah-kisah sukses para tokoh, aranjeunna satekah polah berjuang kalayan jaminan nama pribadina. Upami unggul namina diserat dina prasasti ku tinta emas, upami gagal namina enggal ical tina emutan, hapus lir ibarat katiup angin dangdarat.
Lepat kacida upami saurang sepuh ngawaris nami sambarangan, saenake dewe (saur ki Saptohadi), nami anu samasakali henteu ngandung hartos, anu sakintenna janten bangbaluh kangge anu diwaris nami. Nami salawasna bakal napel, saumur gumelaring di jagat rame oge lami saparantos anu gaduh nami ngantunkeun.
Nami anu wangi (seungit, harum) mo towong dipiomong mo kalis dipiwaas, dikenang sapanjang jaman, janten kareueus rundayan sareng bangsana. Sawalerna nami anu awon, ceda tur mawa cilaka, tangtos dijejeleh, dopoyok, disatru, janten bangbaluh kangge turunannana. Sawajibna tiap jalmi ngajagi namina supados salawasna tetep sae, mangpaat, terhormat, sareng mulya. Ngajagi nami hartosna miara tekad, ucap sareng lampah supados tebih tina nista. “Kami pertaruhkan nama baik kita” (pasal-pasal Tuntunan Kewirausahawan, Dr. H. Ating Tedjasutisna).
Intina, tiap nami sae tur endah. Teu aya alesan kangge sing saha moyok, ngamomorekeun sareng ngajejeleh nami pribadi anu sanes. Kantenan baid pisan, maparin embel-embel (punten) ku ngaran hiji sato suku opat anu hina tur diharamkeun. Margi hal sarupi kitu hartosna nincak tur ngusek-ngusek nami anu sanes. Manawi sapuk, anu kitu sanes budaya Sunda. Urang Sunda gaduh motto : silih asah, silih asuh, silih asih, sislih ajenan, silih jungjung, silih bela, silih seungitan (Wangsit Siliwangi).
Leupas tina pedaran sim kuring nembe, di handap nyanggakeun cutatan sabagian nami-nami buhun urang Sunda. Di cutat tina rupi-rupi sumber. Teu aya kaitan sareng sae-awon, kantenan nyinggung-nyinggung pribadi anu gaduh nami. It’s just name, henteu langkung ti eta (saur Ann Cutller). Wirehna jaman ngagulur, robih-robih, pakuat-pakait sareng naon bae, diantawisna jenengan urang Sunda.
Daftar dihandap tiasa diangge babandingan antawis nami-nami buhun sareng nami-nami modern. Conto nami-nami karuhun (sepuh, luluhur, kadang wargi, deungeun-deungeun, tatanggi, sste), tebih ka pengker dugi ka dekade 50an, nami-nami anu endah sareng aneh. Dina kanyataan 98 % anu gaduh nami dina daftar eta, parantos teu aya di kieuna, mung 2 % diantawisna masih jumeneng nanging parantos uzur. Jalaran kondisi fisik, sesah nyadap luang sareng pangalaman ti aranjeunna. Nanging sanaos kitu teu aya lepatna urang ngamangpaatkeun katerangan ti aranjeunna sok sanaos mung sakedik. Urang anggap fosil-fosil dina bentuk naon bae, kakaren jaman bihari.
Jaman ngagulusur, moal mendak deui dinten kamari. Dinten enjing parantos henteu sabar ngantos, nerejel hoyong enggal-enggal makalangan.
Cacah (Somah) Menengah Menak
Admala Atikah Arnesah
Ajiji Barli Bratamanggala
Aminem Dahuri Jayawinata
Anen Daspa Kartawinata
Asnawi Empat Natalegawa
Casmi Enar Padmadisastra
Caswiyan Enjeh Partasuwanda
Ciot Eroh Priatnakusumah
Darga Haeruman Secadibrata
Ejot Hamidah Singaperbangsa
Emen Hamidin Sulyana
Emping Hanan Sutisnasenjaya
Empud Hapidin Tanuwijaya
Emuk Harmaen
Entus Hudli
Ewon Ijon
Hanan Karnadi
Hapi Kasnun
Inen Marwan
Jumali Masduki
Jumli Ruslan
Juwe Rusli
Kurdi Sahuri
Madrai Somad
Manan Sugirah
Markonah Sujatma
Marpuah Sujatma
Masud Sukarma
Masud Sukarma
Misnah Suparman
Onon Suparman
Ras'an Surtikah
Raslan Upit
Raslan Uriyan
Romblah Warsidi
Saedi
Saedi
Saein
Saenah
Sahdi
Sahmad
Sahri
Saidi
Saman
Samili
Samjan
Sanen
Sar’i
Suja’i
Tutus
Uhi
Unen
Nami-nami di luhur sanes nami-nami fiktip, kumargi dipahat dina batu-batu tetengger, kawarti dina cutatan-cutatan sejarah, notes, buku-harian, dina tradisi lisan kulawarga-kulawarga Sunda, kantenan nami-nami anu masih nyampay dina emutan sareng manah para rundayan. Hartosna nami-nami anu kantos diwariskeun ka pribadi-pribadi anu kantos jumeneng, sae di Tasikmalaya oge di tempat-tempat sanesna.
Nanging bawiraos ulah lali, yen nami-nami urang ayeuna anu dianggap modern, 50 taun atanapi saabad ka payun baris usang. Baris janten nami-nami antik anu diserat dina cutatan rundayan. Reueus urang mung samentawis, reueus dina kamoderenan, jaman ayeuna, ukur dinten ieu.
Jaga, saurang diantawis turunan urang nyarios : He … he … he … nami anu endah nanging aneh !
“Taun sabaraha aranajeunna Hirup ?” saurang deui nyambungan.
“2009 …. kuno, nami-nami anu antik, endah tur aneh”
Tuh kan, mangsa eta, jaga urang oge janten fosil-fosil. Nanging basa aranjeunna harita sanes basa Sunda sapertos anu ayeuna, aranjeunna ngagunakeun basa modern, basa jaman engke.
Sanaos kitu, paneda mudah-mudahan nami Kasnun lebet kana cutatan aranjeunna, oge jenengan Ibu/Bapa/Sdrk sakalih. Dikenang sapanjang masa, endah sareng dipikaaneh. Tangtos bae kalimat diluhur nembe dipungkas ku huruf : he … he … he …
Pamundut, sumangga para pangersa nyambung ieu daftar ku nami-nami buhun sanesna. Saupami tinekanan, daftar baris panjang. Mungkin nyaketan jumlah pangeusi Jawa Barat mangsa kalangkung. Malar dugi kana babasan “Anu kantos ical kapendak deui”.
Sim kuring emut kana lalaguan jaman kapungkur :
"Eundeuk-eundeukan lagondi
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku aki
Beunang deui ku nini, sste."
(Eundeuk-eundeukan = ngoyag-ngoyag. Lagondi = tempat atanapi lahan anu kosong. Peucang = kancil, mencek leutik linghas, dina dongeng seueur akalna).
Sacara filosofis : dimana mendak hal anu banget, gunakeun akal, saupami taak, teu sanggem dipayunan ku nyalira, tangtos aya jalmi sanesna anu layak disuhunkeun bantosan.Leupas deui ku aki, beunang deui ku nini.
Saupami nyampak di saha bae mugi keresa patarema panangan, aya di saha anu sempet tur mampu, eta anu ngadugikeun ka anu sanesna, estafet. Urang Sunda ulah pareumeun obor. Sanaos saucap, sakecap, sakedik, sakintenna mangpaat sumangga informasikeun. Teu aya anu kedah dipikarisi, urang Sunda kedah bebas, merdeka sareng mandiri (sumanget Bapa Anang Daryan Jayadikusumah). Sanaos kitu tetep diharepkeun mugi rundayan Sunda masih keresa ngagunakeun etika sareng tatakrama Sunda. Sapertos nyebat jenengan masih ngangge imbuhan : ibu, bapa, nyai, engkang, bibi, emang, uwa, uyut, ayi, rai, saderek, hidep, pangeresa, ujang, nyai, sste.
Sanes kedah wangsul deui ka jaman feodal, sanes eta. Upami ngangken urang Sunda, nya kedah nyunda, tembongkeun kasundaan urang (saur Kang Dede Yusuf Effendi).
Tasikmalaya, 20-10-2009
Salam hormat,